:

1 Korinta 10

1

Inget dulur-dulur, kajadian anu keuna ka karuhun urang waktu maranehna nuturkeun Musa. Maranehna dijaga ku mega, salamet meuntasan Laut Beureum.

2

Pikeun jadi umat asuheun Musa maranehna dibaptis di jero mega jeung di jero laut.

3

Dalaharna kabeh sarua, roti rohani,

4

ngarinumna kabeh sarua, inuman rohani anu bijil tina batu karang rohani, anu ngabarengan maranehna sapanjang jalan. Eta batu karang rohani teh Kristus ku anjeun.

5

Tapi sanajan kitu, kalolobaanana mah maranehna teh ngalantarankeun Allah teu senang manah-Na. Balukarna maranehna tinggolepak maraot, mayit-mayitna balatak bacacar di gurun keusik.

6

Eta kabeh jieun pieunteungeun, ulah mikahayang hal-hal anu matak doraka cara maranehanana,

7

ulah nyarembah brahala kawas sabagian maranehanana. Kitab Suci nyebutkeun, "Eta jelema-jelema dariuk dahar nginum, tuluy marotah marabok inuman jeung igel-igelan."

8

Ulah nyieun kalakuan aeb kawas sabagian maranehanana, balukarna dua puluh tilu rebu urang ti maranehanana maraot di jero sapoe.

9

Urang ulah ngadoja ka Pangeran kawas sabagian maranehanana, balukarna maranehanana maraot dipacok oray.

10

Urang ulah gegelendeng ka Pangeran kawas sabagian maranehanana, balukarna maranehanana dibasmi ku Malaikat Maot.

11

Eta kajadian-kajadian anu keuna ka maranehanana teh pikeun conto ka nu sejen, mepelingan ka urang anu hirup dina jaman ahir.

12

Ulah rasa maneh geus nangtung ajeg. Anu boga rasa kitu kudu ati-ati bisi tigubrag.

13

Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.

14

Ku sabab kitu dulur-dulur, omat ulah nyarembah ka brahala.

15

Pek ieu omongan sim kuring teh lalenyepan, da aranjeun teh jelema ngalarti.

16

Waktu urang nginum anggur tina lumur dina Jamuan Gusti anu ku urang disukurkeun ka Allah, eta ciri urang kaserepan ku getih Kristus. Roti anu ku urang dipecah-pecah didahar dina eta Jamuan, ciri diri urang ngahiji jeung salira Kristus.

17

Ku sabab roti anu didahar dina eta Jamuan teh tina roti anu sasiki, eta nyirikeun yen urang sanajan loba ge tunggal sahiji sabadan.

18

Tengetkeun urang Israil: Anu dalahar kurban haturkeuneun ka Allah tina altar, nya eta jelema-jelema anu ngahijikeun hirupna kana eta altar.

19

Naon ieu maksud sim kuring? Rek malibir nyebutkeun yen brahala atawa susuguhna aya hartina?

20

Lain kitu! Maksud eta ucapan kieu: Kurban anu disuguhkeun dina altar umat brahala lain dihaturkeun ka Allah, tapi disuguhkeun ka roh-roh jahat. Sim kuring nyarek aranjeun ngahiji jeung roh jahat.

21

Sabab lamun aranjeun nginum tina lumur pikeun roh jahat, teu meunang nginum tina lumur Gusti; lamun aranjeun ngadahar susuguh pikeun roh jahat, teu meunang ngadahar Jamuan Gusti.

22

Kajaba ari rek mapanas ka Gusti mah! Lamun kitu, naha manusa teh leuwih kuat ti batan Anjeunna?

23

"Urang mah kumaha ge meunang," kitu ceuk nu ngaromong. Eta enya. Tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun teh hade. "Kumaha ge meunang" — henteu kabeh anu dimeunangkeun bisa nulung.

24

Ulah hayang senang sorangan, ragangan hate batur.

25

Aranjeun meunang ngadahar masakan daging naon bae anu dijual di pasar, teu kudu curiga nanyakeun.

26

Sabab ceuk Kitab Suci, "Bumi jeung sagala eusina kagungan Pangeran."

27

Upama diondang dahar ku anu henteu saagama sarta aranjeun nedunan pangondangna, naon susuguhna dahar ulah asa-asa, ulah nanyakeun naon-naon, teu kudu curiga.

28

Tapi lamun aya anu ngaharewosan, "Ieu masakan urut nyuguh brahala," eta masakan ulah didahar, tanda nganuhunkeun geus dibejaan jeung demi kayakinan;

29

lain kayakinan sorangan, tapi kayakinan jelema nu ngabejaan. "Wah," kitu meureun ceuk salah saurang, "kuring bebas, naha make kudu kahalangan ku kayakinan batur?

30

Ieu dahareun ku kuring geus disukurkeun ka Allah. Kuring geus muji sukur nganuhunkeun ieu rejeki ti Allah, naha make teu meunang ngadahar?"

31

Eta kieu: Urang boh dahar boh nginum, salawasna kudu reujeung maksud ngamulyakeun ka Allah.

32

Ku jalan kitu urang moal nepi ka ngalantarankeun batur labuh kana dosa, boh urang Yahudi, boh nu lain urang Yahudi, kitu deui jamaah Allah.

33

Kitu sim kuring mah, hayang ulah ngaraheutan hate batur, dina sagala rupa hal sok ngaraskeun ka nu sejen, tara hayang senang sorangan, lantaran hayang nyalametkeun maranehanana.

Link: